Nov 14, 2017

Kumpulan Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 7 Semester 1

Kumpulan Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 7 Semester 1

Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 7 Semester Ganjil 

Bagi bapak dan ibu guru SMP sebentar lagi akan memasuki akhir semester ganjil atau gasal, biasanya akan disibukkan dengan membuat soal untuk Ujian Akhir Semester (UAS) atau di kurikulum 2013 dinamakan PAS (Penilaian Akhir Semester). 

Pada kesempatan ini saya akan berbagi soal-soal yang mungkin bisa dijadikan referensi untuk Penilaian Akhir Semester atau Ujian Akhir Semester khususnya pelajaran Bahasa Sunda SMP Kelas 7 Semester ganjil. 

Berikut kumpulan Soal-soal Penilaian Akhir Semester Pelajaran Bahasa Sunda SMP Kelas 7 Semester 1  :

I.         Pilihlah salah satu jawaban yang benar dari pilihan jawaban yang tersedia!

Baca paguneman di handap pikeun no 1 - 2!
Mang Utas      :    “Lo… kadieu sakeudeung, urang ngopi heula!”
Si Alo              :    “Aéh… sugan téh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah”
Mang Utas      :    “Puguh Lo, amang téh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang Tasik mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis, amang mah asa di Palutungan Kuningan Lo.

1.        Lamun ditilik tina jumlahna, anu keur paguneman téh aya ….
A.  Saurang                       B. Duaan                         C. Tiluan                         D. Opatan

2.        Jejer paguneman di luhur nyaéta ….
A.  Ceu Iroh                     B. Hawa Tasik nu tiis      C. Mang Utas                  D. Nginum kopi

3.        Vokal mandiri dina aksara Sunda jumlahna nyaéta ….
A.  Lima                           B. Genep                         C. Tujuh                          D. Dalapan

4.        Kecap nyléngcé diwangun ku sabaraha konsonan ….
A.  Opat                            B. Lima                           C. Genep                         D. Dalapan

Pikeun no 5 – 6
Satria
Aya maung, keur ngalungsar baé handapeun kiara, geus teu bias walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih. Beurang peuting gawéna nga humaregung, kahujanan kapanasan téh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga pindah, geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna ngan empés-empés waé, sahoseun téh éstu lain bobohongan.
“Euleuh kuat kitu cucungik nu sok nekuk batur aing téh! Cik pék aing udag deuleu!” omong peucang ditompokeun kana ceuli maung, bari keletrak tarang maung ditéké.
“Na sakandang Kuda ngan dikir waé, mun jeplak waé ka dinya, sépak tah lebah iga burungna! Na teu inget baréto anak sampéan dikerekeb ku ieu mengkeluk?” ceuk peucang.

5.        Sato anu boga sipat satria nyaéta ….
A.  Peucang                      B.  Kuda                          C. Maung                        D. Munding

6.        Peucang ngabogaan sifat ….
A.  Jujur                            B.  Picik                           C. Sopan                         D. Wanian

7.        Nurutkeun susunan basana, dongéng kaasup kana wangun ….
A.  Pantun                        B.  Prosa                          C. Puisi                            D. Sajak

8.        Di handap ieu anu kaasup dongéng parabél nyaéta ....
A.  Si Kabayan ngala oray                                        C. Sangkuriang
B.  Kuya jeung Monyet                                            D. Déwi Sri

9.        Pesen nu hayang ditepikeun dina dongéng disebut ....
A.  Amanat                       B.  Galur                          C. Téma                           D. Tokoh

10.    Émberan, wawaran, atawa pengumuman ngeunaan hal-hal penting anu perlu ditepikeun ku sala saurang ka balaréa, nyaéta ….
A.  Artikel                        B.  Biografi                     C. Béwara                       D. Carpon

Baca béwara di handap ieu! Pikeun no 11 - 14
Dina raraga miéling poé basa iIndung, SMP Tunas Jaya baris ngayakeun lomba ngarang carita pondok. Katangtuan dina lomba di antarana :
1.    Siswa SMP Tunas Jaya
2.    Carita pondok nu dikirimkeun ka panitia asli tulisan sorangan, lain meunang niru ti nu séjén
3.    Carita pondokna tacan kungsi dimuat dina majalah atawa kalawarta séjénna
4.    Kaputusan juri teu bisa diganggu gugat
Pinunjul kahiji baris meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.500.000, pinunjul kadua meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.000.000, sarta pinunjul katilu meunang ajén piala jeung duit Rp. 500.000.
Pinunjul kahiji baris diilukeun kana lomba di tingkat Kota. Ieu lomba teu dipungut waragad.

                                                                                        Bandung, 11 Fébruari 2015
                                                                                                   Panitia Pasanggiri Carpon SMP Tunas Jaya

11.    Topik anu dibéwarakeun nyaéta ...
A.  Osis SMP Tunas Jaya                                         C. Lomba Ngarang carita pondok
B.  Lomba teu dipungut waragad                             D. Piala jeung duit

12.    Judul anu pas pikeun béwara di luhur nyaéta ....
A.  Béwara                                                                C.  Pasanggiri Nulis Carpon
B.  Saémbara Ngarang Sajak Sunda                        D.  SMP Tunas Jaya

13.    Anu dituju ku béwara diluhur nyaéta ....
A.  Siswa SMP Tunas Jaya                                       C. Panitia Pasanggiri
B.  Bandung, 11 Fébruari 2013                                D. Pasanggiri Nulis Carpon

14.    Anu ngémbarkeun béwara di luhur nyaéta ....
A.  Siswa SMP Tunas Jaya                                       C. Panitia Pasanggiri Carpon SMP Tunas Jaya
B.  Bandung, 11 Fébruari 2013                                D. Pasanggiri Nulis Carpon
15.    Dina acara pangemut-ngemut Maulud Nabi, Sakola bade  ngayakeun lomba busana muslim anu bade dilaksanakeun dinu :
Poe                    :    Sabtu
Tanggal             :    26 Februari 2013
Tabuh                :    08.00 – 12.00 WIB
Tempat              :    Mushola sakolah
Hatur nuhun kana perhatosanna.
Kepala sakolah

Drs. Budi Suseno
Isi bewara di luhur nyaéta ....
A.  Lomba ngaji                                                        C. Lomba busana muslim
B.  Lomba pidato                                                     D. Lomba cerdas cermat
16.    Sakur anu kalakonan, karandapan, jeung kasaksian dina kahirupan sapopoé disebut ….
A.  Amal ibadah                                                       C. Pangalaman
B.  Kebiasaan                                                            D. Pangaweruh

17.    Puguh waé kuring téh beuki keueung pas nyaho malem juma’ah téh. Mana diimah sorangan, da Ibu jeung Bapa keur ka imah Uwa. Tapi mun kuring ngilu, meureun PR nu loba téh moal dikerjakeun.
Tema pangalaman nu diluhur nyaéta hal nu matak ….
A.  Pikabungaheun                                                   C. Pikasediheun
B.  Pikareuwaseun                                                     D. Pikasieuneun

18.    Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa papapantes, tapi kudu dumasar ….
A.  data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman
B.  data anu nyata, anu kungsi katempo atawakaalaman
C.  kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang
D.  naon wae anu dipikaresep ku urangatawa ku batur

19.    Karangan anu nyaritakeun hiji kajadian kalayan runtut ti awal nepi ka ahir disebut karangan ....
A.  Arguméntasi                                                       C. Narasi
B.  Déskripsi                                                             D. Pérsuasi

20.    Baca sempalan karangan di handap !
Baréto mah populérna minyak keletik. Tapi ayeuna mah éta istilah geus langka dipaké, lantaran urang nyebutna sok disebut minyak kalapa waé. Pangna disebut minyak kalapa téh sabab bahan pokona tina kalapa.
Sempalan karangan di luhur nyaritakeun ....
A.  Kagunaan minyak keletik                                  
B.  Tahap awal dina nyieun minyak keletik            
C.  Bahan poko pikeun nyieun minyak keletik
D.  Definisi minyak keletik

21.    Titénan kalimah-kalimah di handap!
Tatali agama jeung adat dina pergaulan rumaja katingalina geus beuki ngendoran. Tangtuna waé ieu kaayaan téh lain alatan tali agama atawa adat nu ngendoran, tapi parapalaku nu ngajalankeunana anu geus mopohokeunana. Agama jeung adat geus teu pati diperhatikeun demi kasenangan hirupna.
Kalimah – kalimah di luhur téh kaasup ... dina hiji pedaran.
A.  Bubuka                                                               C. Panutup
B.  Eusi                                                                     D. Rarakay
22.    Perhatikeun susunan dihandap ieu :
1. Prak-prakan nyieun témpé                                  3. Bahan-bahan pikeun nyieun témpé
2. Naon ari témpé                                                    4. Cara midangkeun témpé
Susunan rangkay karangan bahasan / Eksposisi nu bener nyaéta ….
A.  2 – 1 – 4 – 3                                                        C. 3 – 1 – 2 – 4
B.  2 – 3 – 1 – 4                                                         D.  4 – 1 – 3 – 2

23.    Carita dongéng anu nyaritakeun sajarah model baheula disebut ….
A.  Babad                         B. Fabel                           C. Mitos                          D. Parabel

24.    Pangéran Sutajaya linggihna di pasanggrahan, perenahna di kampung Burungdiuk nu katelah pasanggrahan Sindang. Ari pangna milih éta tempat, taya lian malar deukeut ka tempat anu baris dijadikeun kabupaten anyar, nyaéta nu kiwari katelah Ciamis téa.
Kecap nu dicetak miring dina wacana diluhur kaasup kecap ….
A.  Barang                        B. Bilangan                     C. Pagawéan                   D. Sipat

Titénan alinéa di handap! Pikeun no 25 -26
Bandung mangrupakeun ibukota propinsi Jawa Barat. Ayana di daratan luhur (plateau) 768 méter (mean sea level) di saluhureun laut, di daérah kalér luhurna nyaéta + 1050 msl, di beulah kidul luhurna nyaéta   + 675 msl, ti kordinat 1070 BW (Bujur Wétan) jeung 60 55’ LK (Lintang Kidul), legana kota Bandung kurang leuwih 16.767 héktar, dikurilingan ku pagunungan, jadi mangrupakeun cekungan (Bandung Basin) sésa dano Bandung anu kabentuk alatan bituna Gunung Sunda, jumlah pangeusina kurang leuwih 2.1 juta jiwa. Kabupatén Bandung mangrupakeun daérah “suburban” sakuriling Kota Bandung.

25.    Gagasan utama dina alinéa di luhur nyaéta ....
A.  Bandung mangrupakeun ibukota propinsi Jawa Barat
B.  Ayana di daratan luhur palteau 768 méter (mean sean level) di saluhureun laut
C.  Kota Bandung legana kurang leuwih 16.767 héktar
D.  Kabupatén Bandung mangrupakeun daérah “suburban” Kota Bandung

26.    Kalimah nu saluyu jeung eusi alinéa di luhur nyaéta ....
A.  Jawa Barat téh puseur dayeuh Kota Bandung
B.  Bandung téh ngurilingan daerah suburban
C.  pangeusi Gunung Sunda téh kurang leuwih 2,1 yuta jiwa
D.  Kota Bandung téh dilingkung ku pagunungan.

27.    Sarat lumangsungna hiji paguneman kudu aya … jeung …
A.  Nu nyarita                                                           C. Nu nyarita jeung nu ngaregepkeun
B.  Nu ngaregepkeun                                                D. Jalma jeung baturna

28.    Paguneman kaasup kana komunikasi ….
A.  Isarat                                                                   C. Surat
B.  Lisan                                                                    D. Tulisan

29.    Pipit       : ” punten !”.
Otin        : . . .
Pipit       : ” Dupi ifadah aya kitu ? ”.
Otin        : ” Ifadah teh kaleureusan nuju dipiwarang ku ema. Bade aya naon kitu ? ”. 
Keur ngalengkepan paguneuman di luhur anu tepat nyaeta . . . .
A.  ” mangga !”                B. ” monggo ! ”               C. ” ya ! ”                        D. ” yoi !”
30.    Si Alo            :    “Ceunah cék béja Mang Utas anu sakitu hirupna pas-pasan, kiwari geus  ngadadak kaya, bener kitu?”
       Kang Ewok   :    “Ngarana ogé jalma, aya jayana aya keur apesna, hirup mah jiga ‘roda berputar’. Jalma anu keur nangkuban ogé ari geus dikersakeun jeneng mah nya nangtung.”
Nu jadi catur dina paguneman di luhur nyaéta ....
A.  jelema beunghar                                                 C. jelema apes
B.  Mang Utas                                                           D. Kang Ewok

31.    Baca sempalan paguneman ieu di handap
Ahmad          : “Wan, urang lalajo PERSIB di imah urang, yu ….!
Irwan            : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng.”
Ahmad          : “Kumaha mun ngajak Si Engkus jeung Si Nanang ?”
Irwan            : “Enya atuh, disms wae.” 
Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa …….
A.  Kasar                          B. hormat                        C. kasar                           D. loma

Pikeun no 32-34
Baca sempalan pangalaman Bah Willy, anu dicutat ti http://www.urangsunda.nét di handap ieu!
Rék Dikadék
Pasosoré dina poe katilu kuring di SKP I, harita téh kuring keur dijero “camp”, gogoléran, di luar kadéngé aya nu ngomong teugeug, maké basa Sunda ka Si Udin, Ngadéngé aya nu maké basa Sunda, kuring gagancangan kaluar ti camp, katempo aya jelema duaan keur dirariung ku babaturan. Nu hiji geus aya umur (40-50 taunan), ari nu hiji deui mah budak …(32)…, kira-kira umur 20 taunan.

32.    Kecap pikeun ngalengkapan carita diluhur nyaéta ….
A.  Geulis                                                                 C. Kolot
B.  Kasép                                                                  D. Ngora

33.    Pangalaman anu dicaritakeun di luhur téh kajadianana dina wanci ….
A.  Tengah poé                                                         C. Isuk-isuk
B.  Tengah peuting                                                   D. Pasosoré

34.    Jalma nu medar pangalaman di luhur téh nyaéta ....
A.  Si Udin                                                               C. Si Bapa
B.  Bah Willy                                                            D. Urang Bandung

35.    Riwayat atawa lalakon hirup hiji jalma dina wangun tulisan disebut ….
A.  Artikel                                                                C. Carpon
B.  Biografi                                                               D. Dongéng

Baca biografi di handap! Pikeun no 36 - 39
Mang Koko, keur kolot jeung budak urang Sunda tangtos geus teu bireuk deui, kawéntar kamana-mana kakoncara ka mancanagara. Kasohorna mah Mang Koko. Kolot budak nyarebut Mang Koko. Kakasih aslina mah Haji Koko Koswara. Dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10 April 1917. Pupus di Bandung tanggal 4 Oktober 1985. Nami ramana Ibrahim alias Sumarta, masih kokocoran ti Hasanudin Sultan Banten, ngagaduhan putra 8 urang. Pendidikan HIS (1932), MULO Pasundan (1935), taat sareng patuh kana agama (Islam) nu diulik ti bubudak.
Padamelan ti taun 1937 tug ka pupusna taun 1985 nyaéta ngawitan di Balé pamulangan Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank, Harian Cahaya (Cahaya Sinbun), Harian Suara Merdéka, Jawatan Penerangan Prop. Jabar, Guru nu salajengan janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda Bandung(1961 – 1973), Dosén Luar Biasa di Asti Bandung.

36.    Jalma anu jadi biografi di luhur nyaéta ....
A.  Hasanudin Sultan Banten                                  
B.  Haji Koko Koswara                                           
C.  Direktur Konservatori
D.  Cahaya Sinbun

37.    Pokok pikiran utama alinéa kahiji nyaéta ....
A.  Mang Koko, keur kolot jeung budak urang Sunda tangtos geus teu bireuk deui, kawéntar kamana-mana kakoncara ka mancanagara
B.  Kasohorna mah Mang Koko
C.  Taat sareng patuh kana agama (Islam) nu diulik ti bubudak
D.  Kakasih aslina mah Haji Koko Koswara

38.    Pokok pikiran utama alinéa kadua nyaéta ....
A.  Padamelan ti taun 1937 tug ka pupusna taun 1985 nyaéta ngawitan di Balé pamulangan Pasundan
B.  Guru nu salajengan janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda Bandung(1961 – 1973)
C.  De Javasche Bank, Harian Cahaya (Cahaya Sinbun)
D.  Dosén Luar Biasa di Asti Bandung
39.    Kalimah anu aya patalina jeung wacana di luhur nyaéta ....
A.  Mang Koko dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10 April 1917
B.  Pupus di Bandung tanggal 14 Oktober 1985
C.  Nami ramana Hasanudin Sultan Banten
D.  Dosén Luar Biasa di Asti Bandung Karawitan Sunda Bandung (1961 – 1973)

40.    Perhatikeun bagian biografi di handap ieu:
1. lalakon perjoangan hirupna
2. naon tujuan hirupna
3. naon baé jasana
4. ngaran ninina
5. sabaraha loba kakayaanana
Hal-hal anu biasa dicaritakeun dina biografi nyaéta ….
A.  1 – 2 – 3                                                              C. 3 – 4 – 5
B.  2 – 3 – 4                                                              D. 2 – 3 – 5

II.   Jawablah pertanyaan berikut ini!

41.    Naon nu dimaksud dongéng fabel jeung parabel?
42.    Tuliskeun 4 (opat) bagian anu kudu aya dina hiji bewara!
43.    Tuliskeun hiji conto rarangkay karangan éksposisi!
44.    Naon bédana dongéng babad jeung sasakala?
45.    Jalma nu kumaha biasana anu sok ditulis biografina téh!

Kumpulan Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 7 Semester 1
4/ 5
Oleh
Add Comments

Silakan berkomentar dengan menggunakan kata-kata yang baik dan sopan tanpa spam
EmoticonEmoticon