Kumpulan Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 8 Semester Ganjil

Rabu, 22 November 2017
Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 8 Semester Ganjil

Bagi bapak dan ibu guru SMP sebentar lagi akan memasuki akhir semester ganjil atau gasal, biasanya akan disibukkan dengan membuat soal untuk Ujian Akhir Semester (UAS) atau Penilaian Akhir Semester (PAS). 

Pada kesempatan ini saya akan berbagi soal-soal yang mungkin bisa dijadikan referensi untuk Penilaian Akhir Semester atau Ujian Akhir Semester khususnya pelajaran Bahasa Sunda SMP Kelas 8 Semester ganjil.

Berikut kumpulan Soal-soal Penilaian Akhir Semester Pelajaran Bahasa Sunda SMP Kelas 8 Semester 1 :

I.         Pilihlah salah satu jawaban yang benar dari pilihan jawaban yang tersedia!

1.        Kawih téh nyaéta ….
A.  Kumpulan lagu-lagu sunda
B.  Gabungan dua unsur seni nyaéta seni musik jeung seni sastra
C.  Jenis lagu sunda nu teu kaiket ku ketukan
D.  Lagu-lagu sunda nu bisa dipirig maké kecapi suling

2.        Bédana kawih jeung tembang nyaéta ….
A.  Kawih mah sawiletan aya opat ketuk sedengkeun tembang mah bebas
B.  Kawih mah dinyanyikeun ku sinden sedengkeun tembang mah ku Alok
C.  Kawih mah bisa dinotasikeun sedengkeun tembang mah teu bisa
D.  Kawih mah hasil karya seniman baheula sedengkeun tembang mah hasil karya seniman ayeuna

Perhatikeun kawih di handap! Pikeun No 3 - 5
Malati di Gunung Guntur
Sanggian          : Mang Koko
Rumpaka         : Wahyu Wibisana

Malati di gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sésétraning rasa
Jadina dadi mumunggang
Leuweung larangan
Malati di gunung Guntur
Hanjakal henteun dipetik
Béja geus aya nu boga
Ngahaja melak di dinya
Para guriang

3.        Judul kawih di luhur nyaéta ....
A.  Leuweung Larangan                                    C.  Biheung Kadongkang
B.  Malati di Gunung Guntur                            D.  Duka Kunaon

4.        Rumpaka kawih di luhur téh karyana ….
A.  Wahyu Wibisana                                         C. Mang Koko jeung Wahyu Wibisana
B.  Mang Koko                                                 D. Yayat S                     

5.        Jumlah engang dina padalisan kahiji pada kahiji kawih di luhur nyaéta ….
A.  lima                     B.  genep                         C. tujuh                           D. dalapan

6.        Tujuan tina sawér nyaéta ….
A.  ajaran agama                                                C. tata cara rumah tangga
B.  papatah keur pangantén                               D.   tanda kanyaah ti kolot

7.        Nu teu ka asup barang-barang nu sok diawurkeun dina sawér nyaéta ….
A.  béas                     B. cikur                            C.  duit                            D. koneng

8.        Puisi sawér téh sok ditembangkeun dina acara ….
A.  lebaran                 B. milangkala                  C.  munggahan                D.  nikahkeun

9.        Puisi sawér umumna ngandung ….
A.  lalakon                 B. papatah                       C. sabab                          D. tokoh

10.    Purwakanti tina sa’ir sawér téh rumusna ….
A.  a-a-a-a                  B. a-b-a-b                        C. a-a-b-b                        D. a-b-b-a

11.    Wawancara téh mangrupakeun kagiatan pikeun ngagali….
A.  elmu                     B.  informasi                    C. karesep                       D.  sumber duit

12.    Wartawan     :    “Satutasna ancrub dina profési anu ayeuna, naha kaémutan pikeun milari pakasaban séjén misalna janten PNS?”
Atlét             :    ....

Jawaban anu merenah pikeun pananya di luhur nyaéta ....
A.  dina waktos ieu mah teu acan aya émutan ka palih dinya, namung engké ka payun mah bilih aya pamikiran kadinya.
B.  nya mudah-mudahan wé atuh aya rejekina, janten PNS téh pan harepan kaseuseueuran jalmi.
C.  saleresna mah répot pisan atuh da milari padamelan téh geuning di jaman kiwari mah.
D.  Insya Allah dileukeunan wé padamelan nu ayeuna ogé, da panginten tos guratna kedah di dieu.

13.    Jelema anu ngalaporkeun hiji kajadian ti tempat éta kajadian disebutna ....
A.  narasumber          B. rédaktur                      C. réporter                       D. wartawan

14.    Atlét : “Mémang abot palih dieu na mah, saendeng-endeng kedah tebih ti kulawarga. Dipaparinan jatah kanggo kulawarga téh sasasihna mung tilu dinten. Janten nya waktos anu samporét téh kedah dimangpaatkeun sasaé-saéna. Ceuk barudak téa mah pan ‘yang penting kualitas, bukan kuantitas’. Éta wéh anu jantenkeun cecepengan dina waktos ieu mah”
Pananya anu merenah pikeun jawaban di luhur nyaéta ....
A.  Kumaha karaosna salamina patebih sareng kulawargi?
B.  Naha kulawargi sadérék ngawidian ampleng-amplengan teu mulih ka bumi?
C.  Kumaha tanggapan kulawargi sadérék ngeunaan profési anu nuju dilakonan ayeuna téh?
D.  Salami ieu pan tebih waé sareng kulawargi, kumaha tah mayunanana?

15.    Murid                : “.... kawitna pupuh téh, Bu?
Narasumber       : Asalna mah ti Jawa, ti Mataram.
Kecap pananya pikeun ngalengkapan wawancara di luhur nyaéta ....
A.  kumaha                                                        C.  saha
B.  kaon                                                             D.  ti mana
16.  Diskusi mangrupakeun salah sahiji wangun ....
A.  tingkatan sosial                                            C. masalah sosial
B.  status sosial                                                  D. interaksi social

17.    Dina sababaraha kasus, diskusi téh sok ditambahan ku notulis, nyaéta anu tugasna ....
A.  nyatet hasil diskusi ti  awal nepi ka ahir    
B.  ngarencanakeun waktu diskusi                   
C.  ngarencanakeun tempat diskusi
D.  ngumpulkeun pamilon diskusi

18.    Basa anu digunakeun dina diskusi nyaéta ....
A.  jéntré, kasar                                                  C.  jéntré, sopan
B.  jéntré, loma                                                  D.  jéntré, gaul

19.    Perhatikeun ieu pamagih di handap!
Wildan, wawakil ti kelas VII-5
“Pami terbitna tilu sasih mah asa lami teuing. Janten anu maca téh tos hilap deui kana eusi buletin. Kanggo eusina, cek abdi mah ulah ngan saukur sajak sareng carpon, tapi kedah aya artikel, laporan, komik,sareng seratan sanésna.
Kanggo nami buletin, abdi ngusulkeun Média Siswa, Komunika, atanapi Palagan Mérdéka. Ari Palagan téh pan tempat berjuang, ari Mérdéka dibantun tina jalan Mérdéka, lokasi sakola urang.
“Nuhun”
Perkara anu teu kaasup kana usulan ti Wildan nyaéta ....
A.  ngeunaan jadwal terbit buletin                    C. ngeunaan eusi buletin
B.  ngeunaan tim rédaksi                                  D. ngeunaan ngaran buletin

20.    Perhatikeun poko pasualan di handap !
Dina usum halodo panjang téh sok remen kajadian kahuruan.
Kalimah anu merenah pikeun ngamekarkeun poko pasualan di luhur sangkan jadi informasi anu penting pikeun balaréa nyaéta ....
A.  cai lédeng pasokanana bakal dijadwal
B.  kondisi alam anu garing gampang nimbulkeun kahuruan
C.  olah guwar-gewor teuing maké cai
D.  cai kudu dipaké pikeun hal-hal anu penting

21.    Bédana informasi jeung wawaran nyaéta ....
A.  dina informasi mah matérina rada lengkep     
B.  antara informasi jeung wawaran teu aya bédana
C.  dina informasi mah matérina teu lengkep
D.  dina wawaran mah matérina rada lengkep

22.    Impormasi téh mangrupakeun ... pikeun balaréa.
A.  bahaya                                                         C.  kajadian
B.  hiburan                                                         D.  warta

23.    Hal anu kudu diperhatikeun dina nepikeun informasi nyaéta ....
A.  dangdanan kudu alus                                   C.  sorana kudu leutik
B.  teu kudu maké léntong                                D.  sikep anu hadé

Baca wacana kapahlawanan di handap ieu! Pikeun No 24 – 26
Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina, katurug-turug pribadina hadé tata, hadé basa, tur hadé tingkah paripolahna. Anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali.
Hiji waktu, Déwi Citraresmi dilamar ku Prabu Hayam Wuruk ti Karajaan Majapahit. Lantaran niatna pikeun nambah babarayaan, éta panglamar téh ditampi ku Raja Kawali. Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit.

24.    Poko pikiran utama dina paragraf kahiji nyaéta ....
A.  Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti
B.  katurug-turug pribadina hadé tata
C.  hadé tingkah paripolahna
D.  anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali

25.    Poko pikiran utama dina paragraf kadua nyaéta ....
A.  Prabu Hayam Wuruk Raja ti Majapahit          
B.  Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit
C.  Déwi Citraresmi dilamar
D.  lantaran niatna pikeun nambah babarayaan

26.    Kecap cikal nu aya di wacana di luhur hartina ....
A.  budak pangleutikna                                      C. budak nunggal
B.  budak panengah                                           D. budak pangageungna

27.    Eusi dina wacana kapahlawanan nyaéta ….
A.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan
B.  kalungguhanana, riwayat atikan, lobana kakayaan
C.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan, kalungguhanana, jasa-jasana
D.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan, ngaran pamajikanana, jasa-jasana

Pikeun no 28 – 29
Kinanti
Ayeuna anu kacatur, aya nagara nu mukti, nyéta Pasir Batang téa, kamashur ka mana-mendi, rajana geus palay tapa, milari saha keur ganti.
Putrana téh aya tujuh, sadaya istri gareulis, anu cikal Purbararang, Kancana jeung Purba Manik, Déwata jeung Purba Éndah, Purbaleuwih, Purbasari.

28.    Carita diluhur kaasup kana ....
A.  Guguritan            B.  Puisi                           C.  Sajak                          D.  Wawacan

29.    Guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh di luhur nyaéta ....
A.  8-i, 8-a, 8-é, 8-a, 8-a, 8-u                            C. 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
B.  8-i, 9-a, 8-é, 8-a, 8-a, 7-u                            D. 8-u, 8-a, 8-é, 8-a, 8-a, 8-u

30.    Anu dimaksud wawacan nyaéta ....
A.  carita pondok anu ditulis dina wangun lancaran (prosa)
B.  carita panjang anu ditulis dina wangun lancaran (prosa)
C.  carita atawa dongéng anu ditulis dina wangun pupuh
D.  carita atawa dongéng anu ditulis dina wangun lancaran
31.    Uwa kumaha damang? Mugi-mugi waé dina danget ieu Uwa sakulawarga aya dina ginanjar kawilujengan.
       Ukara diluhur kaasup kana babagian surat ….
A.  titimangsa                                                    C. eusi surat
B.  salam pamuka                                              D. bubuka

32.    Cara nulis titimangsa nu bener nyaéta ….
A.  Bandung. 10 Desember 2010                      C. Bandung, 10 desember 2010
B.  Bandung, 10 Desember 2010                      D. bandung, 10 desember 2010

33.    Kalimah nu kaasup kalimah panutup surat nyaéta ....
A.  Rud, sakieu heula serat ti Iwan                   C. Sobat nu mikasono
B.  Iraha Rudi badé ameng ka Bandung?         D. Iwan Mulyadi

34.    Bédana surat resmi jeung surat pribadi nyaéta ….
A.  Surat resmi aya puhu surat, surat pribadi teu aya
B.  Surat resmi maké titimangsa, surat pribadi teu maké
C.  Surat resmi maké tanda tangan, surat pribadi teu ditanda tangan
D.  Surat resmi teu maké nomer surat, surat pribadi maké nomer surat

35.    Surat anu dikirim ti urang keur ka babaturan disebut ….
A.  Surat dinas                                                  C. Surat pribadi
B.  Surat resmi                                                   D. Surat kaleng

36.    Éséy nyaéta ....
A.  Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu mangrupakeun hasil panitén jeung pamikiran panulis ngeunaan hiji perkara
B.  Wacana anu tujuanana pikeun midangkeun pamanggih jeung ngayakinkeun kalawan ditétélakeun naon-naon anu jadi alesanana
C.  Karya tulis anu ilaharna dimuat dina media massa
D.  Pedaran ngeunaan hiji topik kalawan tujuan méré informasi pikeun anu maca

37.    Ciri-ciri éséy nyaéta ....
A.  karangan panjang dina wangun lancaran   
B.  anu dibahas pasualan anu beurat                
C.  gaya basana beurat
D.  dibarengan ku data jeung hasil talaah

38.    Perkara nukaasup dina ngarencanakeun hiji tulisan éséy nyaéta ....
A.  milih téma anu merenah                                  
B.  aya hiji kacindekan anu ku urang bisa kaharti
C.  ngadiskusikeun hiji pasualan
D.  gaya basana hampang                                     

39.    Salah sahiji tujuan nulis éséy nyaéta ....
A.  milih téma anu merenah                                  
B.  aya hiji kacindekan anu ku urang bisa kaharti
C.  ngadiskusikeun hiji pasualan
D.  gaya basana hampang                                 


40.    Baca éséy di handap ieu!
Pisaminggueun deui rék ka bulan Puasa, kuring tumanya ka babaturan; “Zal, manéh rék papajar di mana?”. Manéh hémeng, tuluy némbal : “Hah, papajar, munggahan lain?”. Ti dinya kuring apal yén manéhna teu apaleun papajar, saapal manéh mah munggahan baé. Di lembur kuring mah istilah papajar téh geus ngamasarakat pisan, malahan mah sok leuwih ramé papajarna manan bulan puasa ogé. Papajar téh istilah tradisi di masarakat Cianjur, nyaéta tradisi balakécrakan jeung dulur atawa tatangga-tatangga dina raraga ngabagéakeun datangna bulan suci Romadon.

Lamun éséy di luhur dijieun rarangkayna, kalimah nu jadi pikiran poko tur pantes dijadikeun rarangkay téh nyaéta....
A.  pisaminggueun deui rék ka bulan Puasa
B.  di lembur kuring mah istilah papajar téh geus ngamasarakat pisan
C.  ngabagéakeun datangna bulan suci Romadon
D.  perkebunan entéh di Gedéh téh ramé ku nu papajar

II.      Jawablah!

41.    Naon sasaruanana antara kawih jeung tembang?
42.    Tuliskeun 4 (opat) padoman dina wawancara?
43.    Naon tujuan diskusi téh?
44.    Wacana kapahlawanan kaasup kana jenis karangan naon? Naon cirina?
45.    Tuliskeun 6 (genep) bagian – bagian dina surat pribadi !

0 komentar:

Posting Komentar test