Nov 29, 2017

Kumpulan Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 9 Semester Ganjil

Kumpulan Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 9 Semester Ganjil

Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 9 Semester Ganjil

Bagi bapak dan ibu guru SMP sebentar lagi akan memasuki akhir semester ganjil atau gasal, biasanya akan disibukkan dengan membuat soal untuk Ujian Akhir Semester (UAS) atau Penilaian Akhir Semester (PAS). 

Pada kesempatan ini saya akan berbagi soal-soal yang mungkin bisa dijadikan referensi untuk Penilaian Akhir Semester atau Ujian Akhir Semester khususnya pelajaran Bahasa Sunda SMP Kelas 9 Semester ganjil.

Berikut kumpulan Soal-soal Penilaian Akhir Semester Pelajaran Bahasa Sunda SMP Kelas 9 Semester 1 :

Pilihlah salah satu jawaban yang benar dari pilihan jawaban yang tersedia!

1.        Baca sempalan hutbah di handap !
Dina bubuka hutbah, hotib parantos macakeun surat Az Zumar ayat 9, anu pihartoseunana : “Ucapkeun (Muhammad) naha sarua jalma-jalma nu boga kanyaho jeung jalma-jalma anu teu boga kanyaho? Saenyana, ngan jalma anu boga akal wungkul anu bisa narima pangjaran.”
Jelas pisan éta ayat téh, nitah ka urang sangkan daék diajar. Kapan urang téh boga akal. Lamun urang embung narima pangajaran atawa embung diajar, sarua baé urang téh jeung teu boga akal. Ku kituna, hayu urang diajar masing bener-bener. Kapan cenah jalma anu boga élmu téh darajatna kacida pisan luhurna.
Sempalan hutbah di luhur mangrupakeun ....
a.    bubuka                                                                c.  panutup
b.    eusi                                                                      d.  rarangkay
2.        Eusi sempalan hutbah nu aya dina nomer 1 nyaéta pépéling sangkan ....
a.    maca surat Az Zumar ayat 9                               c.  daék diajar nyiar élmu pangaweruh
b.    niténan jalma nu boga élmu                                d.  naékkeun darajat
3.        Kalimah anu eusina puji syukur ka Alloh nyaéta ….
a.    Alhamdulillahi robbil’alamin
b.    Wassalatu wassalamu ‘ala asyrofil anbiya wal mursalin
c.    Ayyuhannas, ittaqulloha haqqo tuqotih wala tamutunna illa wa antum muslimun.
d.    Asyhadu ‘ala ilaha ilallah wahdahu lasyarikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu warosuluh alladzi la nabiya ba’dah
4.        Kagiatan cumarita dihareupeun jalma loba pikeun nepikeun pamanggih atawa méré gambaran ngeunaan hiji perkara disebut ....
a.    artikel                          b.  biantara                       c.  kritik                           d.  novel
Titénan sempalan biantara di handap!
Pikeun no 5 - 6
Assalamu’alaikum warohmatulloh wabarokatuh
Bapa wakil kepala sakola bidang kasiswaan anu ku simkuring dipihormat
Para KM ti tiap kelas di SMP Sunda Jugala
Alhamdulillahi robbil’alamin, puji sukur hayu urang panjatkeun ka Allah Nu ngawasa ieu alam. Salawat sinareng salam mugi dilungsurkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad saw, katut ka para karabatna, sahabatna, sareng urang anu janten umatna.

5.        Sempalan biantara di luhur téh mangrupakeun ….
a.    bubuka                        b.  eusi                             c.  panutup                      d.  rarangkay
6.        Perkara anu teu kaasup eusi sempalan biantara di luhur nyaéta ....
a.    ucapan salam                                                       c.  ménta pangampura
b.    puji sukur ka Gusti Allah                                    d.  solawat ka Rosulullah
7.        Titénan sempalan biantara di handap !
Tah, rupina sakitu waé bubuka ti simkuring. Kirang langkungna neda dihapunten. Pamugi ieu maksad urang téh sing kénging pituduh ti Allah SWT. Amin...
Hatur nuhun. Wassalamu’alaikum wr. wb.
Sempalan biantara di luhur téh mangrupakeun ....
b.    bubuka                        b.  eusi                             c.  panutup                      d.  rarangkay
8.        Perkara anu teu kaasup kana bubuka biantara nyaéta ....
a.    ucapan salam                                                       c.  puji sukur ka Gusti Alloh
b.    solawat ka Kangjeng Nabi                                  d.  ménta dihampura
9.        Eusi biantara saluyu jeung ....
a.    acara anu lumangsung                                        c.  kahayang sorangan
b.    pangaweruh anu kacangking                              d.  gerentes haté
10.    Kecap jeung kalimah nalika biantara kudu diucapkeun kalawan ....
a.    ancad laér                    b.  jéntré                          c.  gancang                      d.  lalaunan
11.    Sangkan biantara kena sasaran, sahadéna mah biantara téh dijieun heula ....
a.    amanahna                    b.  bubukana                    c.  konsépna                    d.  tujuanana
12.    Salah sahiji patokan dina tembang / kawih nyaéta ....
a.    juru kawih                  b.  rumpaka                      c.  sanggian                     d.  watek
13.    Katangtuan jumlah engang dina tiap padalisan disebut ....
a.    guru lagu                     b.  guru wilangan             c.  pada                            d.  padalisan
14.    Perhatikeun tembang dihandap ieu !
Hiji mangsa Mang Kabayan dagang bubur
Cenah rék dagang nguriling
Rék dagang és tangtu payu
Bet hujan tepi ka burit
Dagang taya nu ngawaro
Watek tembang di luhur nyaéta ....
a.     banyol atawa lucu                                               c.  prihatin
b.    sedih                                                                    d.  kawirang
15.    Guru lagu dina tembang di luhur nyaéta ....
a.     ur-ing-yu-it-ro                                                     c.  12-8-8-8-8
b.    r-g-u-t-o                                                               d.  u-i-u-i-o
16.    Pupuh anu biasa dipaké dina tembang nyaéta pupuh anu ka asup sekar ageung.  Salah sahiji pupuh anu kaasup sekar ageung nyaéta ....
a.     pucung                                                                c.  balakbak
b.    asmarandana                                                        d.  durma
17.  Ari anu disebut kritik nyaéta ....
a.    muji                                                                     c.  nyempad
b.    ngarojong                                                            d.  usulan
18.    Perkara anu dikritik téh biasana perkara anu ....
a.    alus                                                                     c.  kasohor
b.    goréng                                                                 d.  meujeuhna
19.    Kritik ditepikeun maké basa anu ....
a.    jéntré                                                                   c.  pujian
b.    kasar                                                                    d.  pangrojong
20.    Carita rékaan dina wangun lancaran (prosa), umumna dina wangun naratif disebut ....
a.    carpon                                                                 c.  novel
b.    dongéng                                                              d.  sajak
21.    Jalma nunulis novel biasana disebut ....
a.    prosa                                                                   c.  sinopsis
b.    novelis                                                                 d.  warta

Perhatikeun sempalan novel di handap!
Pikeun no 22-23
Nincak umur tilu taun, si Sekarpanggung geus ngajanggélék jadi kuda hadé ules jeung potongan, ngan hanjakal adatna goréng. Éta kuda hésé pisan dilatihna. Kahiji, sipatna giras jeung sok ngalawan, tepi ka sababaraha joki kungsi diragragkeun. Kadua, lamun si Sekarpanggung keur aya diarena balap, sipatna teu bisa diatur ku joki. Kahayangna téh lumpat mangprung ti mimiti garis start, teu nyaho tanagana béak di tengah jalan. Lian ti éta,mun geus kasusul ku kuda séjén téh jadi sok embungeun lumpat.

22.    Tokoh utama dina novel di luhur nyaéta ....
a.    Entom                                                                 c.  Joki
b.    Neng Dinar                                                          d.  Sekarpanggung
23.    Tokoh utama dina novel di luhur ngabogaan sipat ....
a.    hadé ules jeung potongan                                   c.  giras jeung sok ngalawan
b.    embungeun lumpat                                             d.  goréng
24.    Bédana antara novél jeung carpon nyaéta ....
a.    Palaku dina novél  saeutik sedengkeun palaku dina carpon loba
b.    Palaku dina novél loba sedengkeun palaku dina carpon saeutik
c.    Galur dina novél hiji galur sedengkeun galur dina carpon campuran
d.    Latar tempat dina novél saeutik sedengkeun dina carpon rupa-rupa.
25.    Tulisan anu midangkeun hasil talaah, analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana fakta jeung data, bari ditambahan ku pamanggih anu nulisna disebut ....
a.    artikel                          b.  carpon                         c.  dongéng                     d.  prosa
Baca artikel di handap! Pikeun no 26-28
Anjog ka blog http://putrisunda.multiply.com.Barang byar, langsung dibagéakeun ku tulisan “Saung Putri Sunda, Wilujeng Sumping”. Manahoréng, di dunya maya mah “saung” téh payu kénéh, malah jadi lambang kareueus. Padahal di lembur ogé ayeuna mah geus rada hésé néangan saung téh, boh sisi sawah, di kebon, komo lingkungan pakumbuhan sapopoé. Imah-imah panggung, hateup eurih, pipinding bilik, geus dianggap tingagaleun jaman, sarta narurutan imah urang kota, ditembok, maké keramik, jeung sajabana.
Ari nu boga “Saung Putri Sunda” di dunya maya téh manahoréng urang Sunda nu kiwari keur ngumbara di Texas, USA. Kalintang reueusna kana basa Sunda, malah barang ditengetan sababaraha eusi tulisanana, aya propokasi ka nu ngaranjang sangkan dialajar basa Sunda. “Sok atuh belajar bahasa sunda, nggak ada salahnya bisa beberapa bahasa,” kitu salahsahiji unina. Anu ngadegkeun éta “saung”, pagawéanana sapopoéna taya patula-patali jeung basa atawa sastra Sunda. Kilang kitu, anjeunna mibanda nambut istilah Ganjar Kurnia-getih gaib urang Sunda, anu ngalantarkeun kahudang rasana pikeun milu miara, ngamumulé, malah ngamekarkeun basa Sunda.
26.    Pikiran utama dina alinéa kahiji artikel di luhur nyaéta ....
a.    Saung putri sunda
c.    Manahoréng, di dunya maya mah “saung” téh payu kénéh
d.    Padahal di lembur ogé ayeuna mah geus rada hésé néangan saung téh
27.    Anu dimaksud dunya maya dina artikel di luhur nyaéta ....
a.    alam gaib                                                            c.  awang-awang
b.    alam kubur                                                          d.  internet
28.    Pikiran utama dina alinéa kadua artikel di luhur nyaéta ....
a.    Urang Sunda nu kiwari keur ngumbara di Texas, USA
b.    Propokasi ka nu ngarajang sangkan dialajar basa Sunda
c.    Patula-patali jeung basa atawa sastra Sunda
d.    Miara, ngamumulé, jeung ngamekarkeun basa sunda
29.    Titénan bagéan surat di handap!
Nomer                    : 16/A.02/PG/III/2007
Lampiran                : -
Hal                         : Uleman rapat

Éta bagéan surat téh mangrupakeun ....
a.    titimangsa                                                           c.  kop surat
b.    nomer surat, lampiran jeung hal                         d.  alamat jeung ngaran anu dituju
30.    Bagian puhu surat anu nerangkeun idéntitas instansi/lembaga anu nyieun surat ngaranna ....
a.    nomer surat                                                         c.  kop surat
b.    titimangsa                                                            d.  panutup surat
31.    Bagian nuduhkeun tanggal dijieunna hiji surat ngaranna ....
a.    nomer surat                                                         c.  kop surat
b.    titimangsa                                                            d.  panutup surat
Titenan surat resmi di handap ieu! Pikeun no 32-34
PANITIA PASANGGIRI NGARANG CARPON
MAJALAH CUPUMANIK
Sekretariat : Jl. Karawitan No. 46 Bandung
 

Nomer                             : 02/PPNC/C/2015                                                       2 Séptémber 2015
Lampiran                         : Rarancang Proposal
Hal                                   : Uleman Rapat

..........................
.......  ( 32 ).........
..........................

...... (33).....,
Hatur uninga, kanggo mekarkeun kamampuh murangkalih dina ngarang basa Sunda, majalah Cupumanik seja ngayakeun “Pasanggiri Ngarang Carita Pondok”. Kanggo ngabadanten éta kagiatan, Sadérék dilulungsar kana rapat panitia anu badé dilaksanakeun :
Dinten/kaping           :  Saptu/9 Séptémber 2015
Waktos                     :  Tabuh 08.00 – 12.00
Tempat                     :  Jl. Karawitan No. 46 Bandung
Jalaran kitu pamigi Sadérék kersa sumping dina waktosna.
                                                                                                                                                          .............................
                                                                                                                                                          ........... (34) .........
32.    Pikeun ngalengkapan surat di luhur nu ditunjukeun ku no 32 nyaéta ....
a.    Kahatur                                                               c.  Sampurasun
            Sadérék Euis Balébat
            Di tempat
b.    Pupuhu Panitia                                                    d.  Hatur nuhun
     Dadan Sutisna
33.    Pikeun ngalengkapan surat di luhur nu ditunjukeun ku no 33 nyaéta ....
a.     Kahatur                                                              c.  Sampurasun
Sadérék Euis Balébat
Di tempat
b.     Pupuhu Panitia                                                   d.  Hatur nuhun
Dadan Sutisna
34.    Pikeun ngalengkapan surat di luhur nu ditunjukeun ku no 34 nyaéta ....
a.     Kahatur                                                              c.  Sampurasun
Sadérék Euis Balébat
Di tempat
b.     Pupuhu Panitia                                                   d.  Hatur nuhun
Dadan Sutisna
35.    Bédana surat resmi jeung surat pribadi nyaéta ….
a.    Surat resmi aya puhu surat, surat pribadi teu aya
b.    Surat resmi maké titimangsa, surat pribadi teu maké
c.    Surat resmi maké tanda tangan, surat pribadi teu ditanda tangan
d.    Surat resmi teu maké nomer surat, surat pribadi maké nomer surat
36.    Informasi anyar atawa informasi ngeunaan hiji kajadian, boh dipidangkeun ngaliwatan média cetak, boh dina média éléktronik disebut ....
a.    carita                           b.  kritik                           c.  prosa                           d.  warta
37.    Pungsi tina warta nyaéta ….
a.    méré informasi           b.  nepikeun masalah       c.  ngajak diskusi            d. midangkeun kagiatan
38.    Tugasna ngalaporkeun hiji warta dina TV nyaéta ....
a.    narasumber                 b.  rédaksi                        c.  rédaktur                      d.  reporter

Baca sempalan warta di handap! Pikeun no 39 – 40
Gunung Patuha kasohor ku Kawah Putihna, tur kiwari jadi salah sahiji objék wisata di Kidul Bandung. Ieu gunung téh luhurna kira-kira 2.434 meter, suhuna 8 – 22 darajat Célcius. Tiris tangtuna gé komo mun geus maju ka peuting mah.
Cai anu aya di éta kawah sok robah-robah warnana. Kadang-kadang katémbong héjo semu bulao, séjén waktu semu soklat, tapi mimindengna mah bodas kalimpudan ku haseup anu sarua bodasna. Lian ti éta, batu-batu jeung keusik anu ngampar di dinya méh kabéh warnana bodas. Éta pangna dingaranan Kawah Putih ogé.

39.    Poko pikiran paragraf kahiji dina warta di luhur nyaéta ....
a.    Objék wisata di Kidul Bandung
b.    Gunung téh luhurna kira-kira 2.434 meter
c.    Tiris tangtuna gé komo mun geus maju ka peuting mah
d.    Gunung Patuha kasohor ku Kawah Putihna, tur kiwari jadi salah sahiji objék wisata di Kidul Bandung
40.    Téma warta di luhur nyaéta ....
a.    Objék wisata di Kidul Bandung
b.    Tiris tangtuna gé komo mun geus maju ka peuting mah
c.    Robah-robah warnana di Kawah Putih
d.    Batu-batu jeung keusik anu ngampar di dinya méh kabéh warnana bodas
                                       
II.   Jawablah!
41.    Tuliskeun 3 (tilu) bagian panutup dina biantara!
42.    Tuliskeun 4 (opat) patokan dina tembang atawa pupuh? Jelaskeun!
43.    Naon ari anu disebut sinopsis novel?
44.    Tuliskeun 2 (dua) hal nu ngabédakeun surat resmi jeung surat pribadi !
45.    Naon tujuan tina warta?

Kumpulan Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 9 Semester Ganjil
4/ 5
Oleh
Add Comments

Silakan berkomentar dengan menggunakan kata-kata yang baik dan sopan tanpa spam
EmoticonEmoticon