Kumpulan Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 7 Semester 1
Nov 14, 2017
![]() |
Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 7 Semester Ganjil |
Bagi bapak dan ibu guru SMP sebentar lagi akan memasuki akhir semester ganjil atau gasal, biasanya akan disibukkan dengan membuat soal untuk Ujian Akhir Semester (UAS) atau di kurikulum 2013 dinamakan PAS (Penilaian Akhir Semester).
Pada kesempatan ini saya akan berbagi soal-soal yang mungkin bisa dijadikan referensi untuk Penilaian Akhir Semester atau Ujian Akhir Semester khususnya pelajaran Bahasa Sunda SMP Kelas 7 Semester ganjil.
Berikut kumpulan Soal-soal Penilaian Akhir Semester Pelajaran Bahasa Sunda SMP Kelas 7 Semester 1 :
I.
Pilihlah salah
satu jawaban yang benar dari pilihan jawaban yang tersedia!
Baca
paguneman di handap pikeun no 1 - 2!
Mang Utas : “Lo…
kadieu sakeudeung, urang ngopi heula!”
Si Alo : “Aéh…
sugan téh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah”
Mang Utas : “Puguh Lo, amang téh kabulusan, geus saminggu ieu
di lembur urang Tasik mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis,
amang mah asa di Palutungan Kuningan Lo.
1.
Lamun ditilik tina
jumlahna, anu keur paguneman téh aya ….
A. Saurang B.
Duaan C.
Tiluan D.
Opatan
2.
Jejer paguneman di luhur
nyaéta ….
A. Ceu Iroh B.
Hawa Tasik nu tiis C. Mang Utas D. Nginum kopi
3.
Vokal mandiri dina aksara
Sunda jumlahna nyaéta ….
A. Lima B. Genep C.
Tujuh D. Dalapan
4.
Kecap nyléngcé diwangun ku sabaraha konsonan
….
A. Opat B. Lima C.
Genep D.
Dalapan
Pikeun no 5 – 6
Satria
Aya maung, keur ngalungsar baé handapeun
kiara, geus teu bias walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih. Beurang
peuting gawéna nga humaregung, kahujanan kapanasan téh teu bisa ingkah. Atuh da
sumawonna kaduga pindah, geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna ngan
empés-empés waé, sahoseun téh éstu lain bobohongan.
“Euleuh kuat kitu cucungik nu sok nekuk
batur aing téh! Cik pék aing udag deuleu!” omong peucang ditompokeun kana ceuli
maung, bari keletrak tarang maung ditéké.
“Na sakandang Kuda ngan dikir waé, mun
jeplak waé ka dinya, sépak tah lebah iga burungna! Na teu inget baréto anak
sampéan dikerekeb ku ieu mengkeluk?” ceuk peucang.
5.
Sato anu boga sipat
satria nyaéta ….
A. Peucang B. Kuda C.
Maung D. Munding
6.
Peucang ngabogaan sifat
….
A. Jujur B. Picik C.
Sopan D. Wanian
7.
Nurutkeun susunan basana,
dongéng kaasup kana wangun ….
A. Pantun B. Prosa C.
Puisi D. Sajak
8.
Di handap ieu anu kaasup
dongéng parabél nyaéta ....
A. Si Kabayan ngala oray C. Sangkuriang
B. Kuya jeung Monyet D.
Déwi Sri
9.
Pesen nu hayang
ditepikeun dina dongéng disebut ....
A. Amanat B. Galur C.
Téma D.
Tokoh
10.
Émberan, wawaran, atawa
pengumuman ngeunaan hal-hal penting anu perlu ditepikeun ku sala saurang ka
balaréa, nyaéta ….
A. Artikel B. Biografi C.
Béwara D.
Carpon
Baca béwara di handap ieu! Pikeun no 11
- 14
Dina raraga miéling poé basa iIndung, SMP Tunas Jaya baris
ngayakeun lomba ngarang carita pondok. Katangtuan dina lomba di antarana :
1.
Siswa SMP Tunas Jaya
2.
Carita pondok nu
dikirimkeun ka panitia asli tulisan sorangan, lain meunang niru ti nu séjén
3.
Carita pondokna tacan
kungsi dimuat dina majalah atawa kalawarta séjénna
4.
Kaputusan juri teu bisa
diganggu gugat
Pinunjul kahiji baris meunang ajén piala
jeung duit Rp. 1.500.000, pinunjul kadua meunang ajén piala jeung duit Rp.
1.000.000, sarta pinunjul katilu meunang ajén piala jeung duit Rp. 500.000.
Pinunjul kahiji baris diilukeun kana
lomba di tingkat Kota. Ieu lomba teu dipungut waragad.
Bandung,
11 Fébruari 2015
Panitia
Pasanggiri Carpon SMP Tunas Jaya
11.
Topik anu dibéwarakeun
nyaéta ...
A. Osis SMP Tunas Jaya C. Lomba Ngarang carita pondok
B. Lomba teu dipungut waragad D.
Piala jeung duit
12.
Judul anu pas pikeun
béwara di luhur nyaéta ....
A. Béwara C. Pasanggiri Nulis Carpon
B. Saémbara Ngarang Sajak Sunda D. SMP Tunas Jaya
13.
Anu dituju ku béwara
diluhur nyaéta ....
A. Siswa SMP Tunas Jaya C.
Panitia Pasanggiri
B. Bandung, 11 Fébruari 2013 D.
Pasanggiri Nulis Carpon
14.
Anu ngémbarkeun béwara di
luhur nyaéta ....
A. Siswa SMP Tunas Jaya C.
Panitia Pasanggiri Carpon SMP Tunas Jaya
B. Bandung, 11 Fébruari 2013 D.
Pasanggiri Nulis Carpon
15.
Dina acara pangemut-ngemut Maulud
Nabi, Sakola bade ngayakeun lomba busana
muslim anu bade dilaksanakeun dinu :
Poe :
Sabtu
Tanggal :
26 Februari 2013
Tabuh :
08.00 – 12.00 WIB
Tempat :
Mushola sakolah
Hatur nuhun kana perhatosanna.
Kepala sakolah
Drs. Budi Suseno
Isi bewara di luhur nyaéta ....
A.
Lomba ngaji C.
Lomba busana muslim
B.
Lomba pidato D.
Lomba cerdas cermat
16.
Sakur anu kalakonan,
karandapan, jeung kasaksian dina kahirupan sapopoé disebut ….
A. Amal ibadah C. Pangalaman
B. Kebiasaan D. Pangaweruh
17.
Puguh waé kuring téh
beuki keueung pas nyaho malem juma’ah téh. Mana diimah sorangan, da Ibu jeung
Bapa keur ka imah Uwa. Tapi mun kuring ngilu, meureun PR nu loba téh moal
dikerjakeun.
Tema pangalaman nu diluhur nyaéta hal nu matak ….
A. Pikabungaheun C. Pikasediheun
B. Pikareuwaseun D.
Pikasieuneun
18.
Nyieun karangan
pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa papapantes, tapi kudu dumasar ….
A.
data ti babaturan atawa ti kolot anu
loba pangalaman
B.
data anu nyata, anu kungsi katempo
atawakaalaman
C.
kanyataan di lapangan atawa anu
karasa ku urang
D.
naon wae anu dipikaresep ku
urangatawa ku batur
19.
Karangan anu nyaritakeun
hiji kajadian kalayan runtut ti awal nepi ka ahir disebut karangan ....
A. Arguméntasi C. Narasi
B. Déskripsi D. Pérsuasi
20.
Baca sempalan karangan di
handap !
Baréto mah populérna
minyak keletik. Tapi ayeuna mah éta istilah geus langka dipaké, lantaran urang
nyebutna sok disebut minyak kalapa waé. Pangna disebut minyak kalapa téh sabab bahan
pokona tina kalapa.
Sempalan karangan di luhur nyaritakeun
....
A. Kagunaan minyak keletik
B. Tahap awal dina nyieun minyak keletik
C. Bahan poko pikeun nyieun minyak keletik
D. Definisi minyak keletik
21.
Titénan kalimah-kalimah
di handap!
Tatali agama jeung adat dina pergaulan rumaja katingalina
geus beuki ngendoran. Tangtuna waé ieu kaayaan téh lain alatan tali agama atawa
adat nu ngendoran, tapi parapalaku nu ngajalankeunana anu geus mopohokeunana.
Agama jeung adat geus teu pati diperhatikeun demi kasenangan hirupna.
Kalimah – kalimah di luhur téh kaasup
... dina hiji pedaran.
A. Bubuka C. Panutup
B. Eusi D. Rarakay
22.
Perhatikeun susunan
dihandap ieu :
1. Prak-prakan
nyieun témpé 3.
Bahan-bahan pikeun nyieun témpé
2. Naon ari témpé 4.
Cara midangkeun témpé
Susunan rangkay karangan bahasan / Eksposisi nu bener nyaéta
….
A. 2 – 1 – 4 – 3 C. 3 – 1 – 2 – 4
B. 2 – 3 – 1 – 4 D. 4 – 1 – 3 – 2
23.
Carita dongéng anu
nyaritakeun sajarah model baheula disebut ….
A. Babad B.
Fabel C.
Mitos D.
Parabel
24.
Pangéran Sutajaya
linggihna di pasanggrahan, perenahna di kampung Burungdiuk nu katelah
pasanggrahan Sindang. Ari pangna milih éta tempat, taya lian malar deukeut
ka tempat anu baris dijadikeun kabupaten anyar, nyaéta nu kiwari katelah Ciamis
téa.
Kecap nu dicetak miring dina wacana diluhur kaasup kecap ….
A. Barang B.
Bilangan C. Pagawéan D.
Sipat
Titénan alinéa di handap! Pikeun no 25 -26
Bandung mangrupakeun ibukota propinsi Jawa Barat. Ayana di
daratan luhur (plateau) 768 méter (mean sea level) di saluhureun laut, di
daérah kalér luhurna nyaéta + 1050 msl, di beulah kidul luhurna nyaéta + 675 msl, ti kordinat 1070
BW (Bujur Wétan) jeung 60 55’ LK (Lintang Kidul), legana kota
Bandung kurang leuwih 16.767 héktar, dikurilingan ku pagunungan, jadi
mangrupakeun cekungan (Bandung Basin) sésa dano Bandung anu kabentuk alatan
bituna Gunung Sunda, jumlah pangeusina kurang leuwih 2.1 juta jiwa. Kabupatén
Bandung mangrupakeun daérah “suburban” sakuriling Kota Bandung.
25.
Gagasan utama dina alinéa
di luhur nyaéta ....
A. Bandung mangrupakeun ibukota propinsi Jawa Barat
B. Ayana di daratan luhur palteau 768 méter (mean sean level) di
saluhureun laut
C. Kota Bandung legana kurang leuwih 16.767 héktar
D. Kabupatén Bandung mangrupakeun daérah “suburban” Kota Bandung
26.
Kalimah nu saluyu jeung
eusi alinéa di luhur nyaéta ....
A. Jawa Barat téh puseur dayeuh Kota Bandung
B. Bandung téh ngurilingan daerah suburban
C. pangeusi Gunung Sunda téh kurang leuwih 2,1 yuta jiwa
D. Kota Bandung téh dilingkung ku pagunungan.
27.
Sarat lumangsungna hiji
paguneman kudu aya … jeung …
A. Nu nyarita C.
Nu nyarita jeung nu ngaregepkeun
B. Nu ngaregepkeun D.
Jalma jeung baturna
28.
Paguneman kaasup kana
komunikasi ….
A. Isarat C. Surat
B. Lisan D. Tulisan
29. Pipit : ” punten !”.
Otin : .
. .
Pipit : ”
Dupi ifadah aya kitu ? ”.
Otin : ”
Ifadah teh kaleureusan nuju dipiwarang ku ema. Bade aya naon kitu ? ”.
Keur ngalengkepan paguneuman di luhur anu tepat nyaeta . .
. .
A. ” mangga !” B. ” monggo ! ” C. ” ya ! ” D. ” yoi !”
30. Si Alo : “Ceunah cék béja Mang Utas anu sakitu hirupna pas-pasan, kiwari
geus ngadadak kaya, bener kitu?”
Kang Ewok : “Ngarana
ogé jalma, aya jayana aya keur apesna, hirup mah jiga ‘roda berputar’. Jalma
anu keur nangkuban ogé ari geus dikersakeun jeneng mah nya nangtung.”
Nu jadi catur dina paguneman di luhur nyaéta ....
A.
jelema beunghar C.
jelema apes
B.
Mang Utas D. Kang Ewok
31.
Baca sempalan paguneman ieu di handap
Ahmad : “Wan, urang lalajo PERSIB di imah
urang, yu ….!
Irwan : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang
lalajo bareng.”
Ahmad : “Kumaha mun ngajak Si Engkus jeung
Si Nanang ?”
Irwan : “Enya atuh, disms wae.”
Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa …….
A.
Kasar B. hormat
C. kasar D.
loma
Pikeun no 32-34
Rék Dikadék
Pasosoré dina poe katilu kuring di SKP
I, harita téh kuring keur dijero “camp”, gogoléran, di luar kadéngé aya nu ngomong
teugeug, maké basa Sunda ka Si Udin, Ngadéngé aya nu maké basa Sunda, kuring
gagancangan kaluar ti camp, katempo aya jelema duaan keur dirariung ku
babaturan. Nu hiji geus aya umur (40-50 taunan), ari nu hiji deui mah budak
…(32)…, kira-kira umur 20 taunan.
32.
Kecap pikeun ngalengkapan
carita diluhur nyaéta ….
A. Geulis C. Kolot
B. Kasép D. Ngora
33.
Pangalaman anu
dicaritakeun di luhur téh kajadianana dina wanci ….
A. Tengah poé C. Isuk-isuk
B. Tengah peuting D. Pasosoré
34.
Jalma nu medar pangalaman
di luhur téh nyaéta ....
A. Si Udin C. Si Bapa
B. Bah Willy D. Urang Bandung
35.
Riwayat atawa lalakon
hirup hiji jalma dina wangun tulisan disebut ….
A. Artikel C.
Carpon
B. Biografi D. Dongéng
Baca biografi di handap! Pikeun no 36 - 39
Mang Koko, keur kolot jeung budak urang Sunda tangtos geus
teu bireuk deui, kawéntar kamana-mana kakoncara ka mancanagara. Kasohorna mah
Mang Koko. Kolot budak nyarebut Mang Koko. Kakasih aslina mah Haji Koko
Koswara. Dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10 April 1917. Pupus di
Bandung tanggal 4 Oktober 1985. Nami ramana Ibrahim alias Sumarta, masih
kokocoran ti Hasanudin Sultan Banten, ngagaduhan putra 8 urang. Pendidikan HIS
(1932), MULO Pasundan (1935), taat sareng patuh kana agama (Islam) nu diulik ti
bubudak.
Padamelan ti taun 1937 tug ka pupusna taun 1985 nyaéta
ngawitan di Balé pamulangan Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank,
Harian Cahaya (Cahaya Sinbun), Harian Suara Merdéka, Jawatan Penerangan Prop.
Jabar, Guru nu salajengan janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda
Bandung(1961 – 1973), Dosén Luar Biasa di Asti Bandung.
36.
Jalma anu jadi biografi
di luhur nyaéta ....
A. Hasanudin Sultan Banten
B. Haji Koko Koswara
C. Direktur Konservatori
D. Cahaya Sinbun
37.
Pokok pikiran utama
alinéa kahiji nyaéta ....
A. Mang Koko, keur kolot jeung budak urang Sunda tangtos geus
teu bireuk deui, kawéntar kamana-mana kakoncara ka mancanagara
B. Kasohorna mah Mang Koko
C. Taat sareng patuh kana agama (Islam) nu diulik ti bubudak
D. Kakasih aslina mah Haji Koko Koswara
38.
Pokok pikiran utama
alinéa kadua nyaéta ....
A. Padamelan ti taun 1937 tug ka pupusna taun 1985 nyaéta
ngawitan di Balé pamulangan Pasundan
B. Guru nu salajengan janten Direktur Konservatori Karawitan
Sunda Bandung(1961 – 1973)
C. De Javasche Bank, Harian Cahaya (Cahaya Sinbun)
D. Dosén Luar Biasa di Asti Bandung
39.
Kalimah anu aya patalina
jeung wacana di luhur nyaéta ....
A. Mang Koko dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10
April 1917
B. Pupus di Bandung tanggal 14 Oktober 1985
C. Nami ramana Hasanudin Sultan Banten
D. Dosén Luar Biasa di Asti Bandung Karawitan Sunda Bandung (1961
– 1973)
40.
Perhatikeun bagian
biografi di handap ieu:
1. lalakon
perjoangan hirupna
2. naon tujuan
hirupna
3. naon baé jasana
4. ngaran ninina
5. sabaraha loba
kakayaanana
Hal-hal anu biasa dicaritakeun dina biografi nyaéta ….
A. 1 – 2 – 3 C. 3 – 4
– 5
B. 2 – 3 – 4 D. 2 – 3 – 5
II. Jawablah pertanyaan berikut
ini!
41.
Naon nu dimaksud dongéng
fabel jeung parabel?
42.
Tuliskeun 4 (opat) bagian
anu kudu aya dina hiji bewara!
43.
Tuliskeun hiji conto
rarangkay karangan éksposisi!
44.
Naon bédana dongéng babad
jeung sasakala?
45.
Jalma nu kumaha biasana
anu sok ditulis biografina téh!