Kumpulan Soal Bahasa Sunda SMP Kelas 8 Semester Ganjil
pendidikanSoal Bahasa Sunda SMP Kelas 8 Semester Ganjil |
Bagi bapak dan ibu guru SMP sebentar lagi akan memasuki akhir semester ganjil atau gasal, biasanya akan disibukkan dengan membuat soal untuk Ujian Akhir Semester (UAS) atau Penilaian Akhir Semester (PAS).
Berikut kumpulan Soal-soal Penilaian Akhir Semester Pelajaran Bahasa Sunda SMP Kelas 8 Semester 1 :
I.
Pilihlah salah satu jawaban yang benar dari pilihan
jawaban yang tersedia!
1.
Kawih
téh nyaéta ….
A. Kumpulan lagu-lagu
sunda
B. Gabungan dua unsur
seni nyaéta seni musik jeung seni sastra
C. Jenis lagu sunda
nu teu kaiket ku ketukan
D. Lagu-lagu sunda nu
bisa dipirig maké kecapi suling
2.
Bédana
kawih jeung tembang nyaéta ….
A. Kawih mah
sawiletan aya opat ketuk sedengkeun tembang mah bebas
B. Kawih mah
dinyanyikeun ku sinden sedengkeun tembang mah ku Alok
C. Kawih mah bisa
dinotasikeun sedengkeun tembang mah teu bisa
D.
Kawih mah hasil karya seniman baheula sedengkeun tembang
mah hasil karya seniman ayeuna
Perhatikeun kawih di handap! Pikeun No 3 - 5
Malati di Gunung Guntur
Sanggian : Mang Koko
Rumpaka : Wahyu Wibisana
Malati di gunung
Guntur
Seungitna
sungkeman ati
Bodas sésétraning
rasa
Jadina dadi
mumunggang
Leuweung larangan
Malati
di gunung Guntur
Hanjakal
henteun dipetik
Béja
geus aya nu boga
Ngahaja
melak di dinya
Para
guriang
3.
Judul
kawih di luhur nyaéta ....
A.
Leuweung
Larangan C. Biheung Kadongkang
B.
Malati
di Gunung Guntur D. Duka Kunaon
4.
Rumpaka
kawih di luhur téh karyana ….
A.
Wahyu
Wibisana C. Mang Koko jeung
Wahyu Wibisana
B.
Mang
Koko D. Yayat S
5.
Jumlah
engang dina padalisan kahiji pada kahiji kawih di luhur nyaéta ….
A.
lima B. genep C. tujuh D. dalapan
6.
Tujuan
tina sawér nyaéta ….
A.
ajaran agama C. tata cara rumah
tangga
B.
papatah keur
pangantén D.
tanda kanyaah ti
kolot
7.
Nu
teu ka asup barang-barang nu sok
diawurkeun dina sawér nyaéta ….
A.
béas B. cikur C. duit D. koneng
8.
Puisi
sawér téh sok ditembangkeun dina acara ….
A.
lebaran B. milangkala C. munggahan D. nikahkeun
9.
Puisi
sawér umumna ngandung ….
A.
lalakon B. papatah C. sabab D. tokoh
10.
Purwakanti
tina sa’ir sawér téh rumusna ….
A.
a-a-a-a B. a-b-a-b C. a-a-b-b D. a-b-b-a
11.
Wawancara
téh mangrupakeun kagiatan pikeun ngagali….
A.
elmu B. informasi C. karesep D. sumber duit
12.
Wartawan : “Satutasna ancrub
dina profési anu ayeuna, naha kaémutan pikeun milari pakasaban séjén misalna
janten PNS?”
Atlét : ....
Jawaban anu
merenah pikeun pananya di luhur nyaéta ....
A.
dina waktos ieu mah
teu acan aya émutan ka palih dinya, namung engké ka payun mah bilih aya
pamikiran kadinya.
B.
nya mudah-mudahan
wé atuh aya rejekina, janten PNS téh pan harepan kaseuseueuran jalmi.
C.
saleresna mah répot
pisan atuh da milari padamelan téh geuning di jaman kiwari mah.
D. Insya Allah dileukeunan
wé padamelan nu ayeuna ogé, da panginten tos guratna kedah di dieu.
13.
Jelema
anu ngalaporkeun hiji kajadian ti tempat éta kajadian disebutna ....
A.
narasumber B. rédaktur C. réporter D. wartawan
14.
Atlét : “Mémang abot
palih dieu na mah, saendeng-endeng kedah tebih ti kulawarga. Dipaparinan jatah
kanggo kulawarga téh sasasihna mung tilu dinten. Janten nya waktos anu samporét
téh kedah dimangpaatkeun sasaé-saéna. Ceuk barudak téa mah pan ‘yang penting kualitas, bukan kuantitas’.
Éta wéh anu jantenkeun cecepengan dina waktos ieu mah”
Pananya anu
merenah pikeun jawaban di luhur nyaéta ....
A.
Kumaha
karaosna salamina patebih sareng kulawargi?
B.
Naha
kulawargi sadérék ngawidian ampleng-amplengan teu mulih ka bumi?
C.
Kumaha
tanggapan kulawargi sadérék ngeunaan profési anu nuju dilakonan ayeuna téh?
D.
Salami
ieu pan tebih waé sareng kulawargi, kumaha tah mayunanana?
15. Murid : “.... kawitna pupuh téh, Bu?
Narasumber : Asalna mah ti Jawa, ti Mataram.
Kecap
pananya pikeun ngalengkapan wawancara di luhur nyaéta ....
A. kumaha C. saha
B. kaon D. ti
mana
16. Diskusi
mangrupakeun salah sahiji wangun ....
A. tingkatan sosial C.
masalah sosial
B. status sosial D. interaksi
social
17. Dina
sababaraha kasus, diskusi téh sok ditambahan ku notulis, nyaéta anu tugasna
....
A. nyatet hasil diskusi ti awal nepi ka ahir
B. ngarencanakeun waktu diskusi
C. ngarencanakeun tempat diskusi
D. ngumpulkeun pamilon diskusi
18. Basa
anu digunakeun dina diskusi nyaéta ....
A. jéntré, kasar C. jéntré,
sopan
B. jéntré, loma D. jéntré,
gaul
19. Perhatikeun
ieu pamagih di handap!
Wildan, wawakil ti kelas VII-5
“Pami
terbitna tilu sasih mah asa lami teuing. Janten anu maca téh tos hilap deui
kana eusi buletin. Kanggo eusina, cek abdi mah ulah ngan saukur sajak sareng
carpon, tapi kedah aya artikel, laporan, komik,sareng seratan sanésna.
Kanggo
nami buletin, abdi ngusulkeun Média Siswa, Komunika, atanapi Palagan Mérdéka.
Ari Palagan téh pan tempat berjuang, ari Mérdéka dibantun tina jalan Mérdéka,
lokasi sakola urang.
“Nuhun”
Perkara
anu teu kaasup kana usulan ti Wildan
nyaéta ....
A. ngeunaan jadwal terbit buletin C.
ngeunaan eusi buletin
B. ngeunaan tim rédaksi D. ngeunaan
ngaran buletin
20. Perhatikeun
poko pasualan di handap !
Dina usum halodo panjang téh sok
remen kajadian kahuruan.
Kalimah
anu merenah pikeun ngamekarkeun poko pasualan di luhur sangkan jadi informasi
anu penting pikeun balaréa nyaéta ....
A. cai lédeng pasokanana bakal dijadwal
B. kondisi alam anu garing gampang
nimbulkeun kahuruan
C. olah guwar-gewor teuing maké cai
D. cai kudu dipaké pikeun hal-hal anu
penting
21. Bédana
informasi jeung wawaran nyaéta ....
A. dina informasi mah matérina rada
lengkep
B. antara informasi jeung wawaran teu aya
bédana
C. dina informasi mah matérina teu
lengkep
D. dina wawaran mah matérina rada lengkep
22. Impormasi
téh mangrupakeun ... pikeun balaréa.
A. bahaya C. kajadian
B. hiburan D. warta
23. Hal
anu kudu diperhatikeun dina nepikeun informasi nyaéta ....
A. dangdanan kudu alus C. sorana
kudu leutik
B. teu kudu maké léntong D. sikep
anu hadé
Baca
wacana kapahlawanan di handap ieu! Pikeun No 24 – 26
Déwi
Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina,
katurug-turug pribadina hadé tata, hadé basa, tur hadé tingkah paripolahna.
Anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali.
Hiji
waktu, Déwi Citraresmi dilamar ku Prabu Hayam Wuruk ti Karajaan Majapahit.
Lantaran niatna pikeun nambah babarayaan, éta panglamar téh ditampi ku Raja
Kawali. Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit.
24. Poko
pikiran utama dina paragraf kahiji nyaéta ....
A. Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka
téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti
B. katurug-turug
pribadina hadé tata
C. hadé
tingkah paripolahna
D. anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja
ti Karajaan Kawali
25. Poko
pikiran utama dina paragraf kadua nyaéta ....
A. Prabu
Hayam Wuruk Raja ti Majapahit
B. Sang
putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit
C. Déwi
Citraresmi dilamar
D. lantaran niatna pikeun nambah
babarayaan
26. Kecap
cikal nu aya di wacana di luhur hartina ....
A. budak pangleutikna C.
budak nunggal
B. budak panengah D. budak
pangageungna
27. Eusi
dina wacana kapahlawanan nyaéta ….
A. mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan
B. kalungguhanana, riwayat atikan, lobana
kakayaan
C. mimiti sajarah lahirna, riwayat
atikan, kalungguhanana, jasa-jasana
D. mimiti sajarah lahirna, riwayat
atikan, ngaran pamajikanana, jasa-jasana
Pikeun
no 28 – 29
Kinanti
Ayeuna
anu kacatur, aya nagara nu mukti, nyéta Pasir Batang téa, kamashur ka
mana-mendi, rajana geus palay tapa, milari saha keur ganti.
Putrana
téh aya tujuh, sadaya istri gareulis, anu cikal Purbararang, Kancana jeung
Purba Manik, Déwata jeung Purba Éndah, Purbaleuwih, Purbasari.
28. Carita
diluhur kaasup kana ....
A. Guguritan B. Puisi C. Sajak D. Wawacan
29. Guru
lagu
jeung guru wilangan dina pupuh di luhur nyaéta ....
A. 8-i,
8-a, 8-é, 8-a, 8-a, 8-u C.
8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
B. 8-i,
9-a, 8-é, 8-a, 8-a, 7-u D. 8-u,
8-a, 8-é, 8-a, 8-a, 8-u
30. Anu
dimaksud wawacan nyaéta ....
A. carita pondok anu ditulis dina wangun
lancaran (prosa)
B. carita panjang anu ditulis dina wangun
lancaran (prosa)
C. carita atawa dongéng anu ditulis dina
wangun pupuh
D. carita atawa dongéng anu ditulis dina
wangun lancaran
31. Uwa
kumaha damang? Mugi-mugi waé dina danget ieu Uwa sakulawarga aya dina ginanjar
kawilujengan.
Ukara
diluhur kaasup kana babagian surat ….
A. titimangsa C. eusi
surat
B. salam pamuka D. bubuka
32. Cara
nulis titimangsa nu bener nyaéta ….
A. Bandung.
10 Desember 2010 C. Bandung,
10 desember 2010
B. Bandung,
10 Desember 2010 D.
bandung, 10 desember 2010
33. Kalimah
nu kaasup kalimah panutup surat nyaéta ....
A. Rud,
sakieu heula serat ti Iwan C.
Sobat nu mikasono
B. Iraha
Rudi badé ameng ka Bandung? D. Iwan Mulyadi
34. Bédana
surat resmi jeung surat pribadi nyaéta ….
A. Surat
resmi aya puhu surat, surat pribadi teu aya
B. Surat
resmi maké titimangsa, surat pribadi teu maké
C. Surat
resmi maké tanda tangan, surat pribadi teu ditanda tangan
D. Surat
resmi teu maké nomer surat, surat pribadi maké nomer surat
35. Surat
anu dikirim ti urang keur ka babaturan disebut ….
A. Surat
dinas C.
Surat pribadi
B. Surat
resmi D. Surat
kaleng
36. Éséy
nyaéta ....
A. Karangan
dina wangun lancaran (prosa) anu mangrupakeun hasil panitén jeung pamikiran
panulis ngeunaan hiji perkara
B. Wacana
anu tujuanana pikeun midangkeun pamanggih jeung ngayakinkeun kalawan
ditétélakeun naon-naon anu jadi alesanana
C. Karya
tulis anu ilaharna dimuat dina media massa
D. Pedaran
ngeunaan hiji topik kalawan tujuan méré informasi pikeun anu maca
37. Ciri-ciri
éséy nyaéta ....
A. karangan panjang dina wangun lancaran
B. anu dibahas pasualan anu beurat
C. gaya basana beurat
D. dibarengan ku data jeung hasil talaah
38. Perkara
nukaasup dina ngarencanakeun hiji tulisan éséy nyaéta ....
A. milih téma anu merenah
B. aya hiji kacindekan anu ku urang bisa
kaharti
C. ngadiskusikeun hiji pasualan
D. gaya basana hampang
39. Salah sahiji tujuan nulis éséy nyaéta ....
A. milih téma anu merenah
B. aya hiji kacindekan anu ku urang bisa
kaharti
C. ngadiskusikeun hiji pasualan
D. gaya basana hampang
40. Baca
éséy di handap ieu!
Pisaminggueun
deui rék ka bulan Puasa, kuring tumanya ka babaturan; “Zal, manéh rék papajar
di mana?”. Manéh hémeng, tuluy némbal : “Hah, papajar, munggahan lain?”. Ti
dinya kuring apal yén manéhna teu apaleun papajar, saapal manéh mah munggahan
baé. Di lembur kuring mah istilah papajar téh geus ngamasarakat pisan, malahan
mah sok leuwih ramé papajarna manan bulan puasa ogé. Papajar téh istilah
tradisi di masarakat Cianjur, nyaéta tradisi balakécrakan jeung dulur atawa tatangga-tatangga
dina raraga ngabagéakeun datangna bulan suci Romadon.
Lamun
éséy di luhur dijieun rarangkayna, kalimah nu jadi pikiran poko tur pantes
dijadikeun rarangkay téh nyaéta....
A. pisaminggueun deui rék ka bulan Puasa
B. di lembur kuring mah istilah papajar
téh geus ngamasarakat pisan
C. ngabagéakeun datangna bulan suci
Romadon
D. perkebunan entéh di Gedéh téh ramé ku
nu papajar
II.
Jawablah!
41.
Naon sasaruanana antara kawih jeung
tembang?
42.
Tuliskeun 4 (opat) padoman dina wawancara?
43.
Naon tujuan diskusi téh?
44.
Wacana kapahlawanan kaasup kana jenis
karangan naon? Naon cirina?
45. Tuliskeun 6 (genep) bagian – bagian dina surat
pribadi !